Bau Naon !?

lima leungeun cing kodongkang ,nyasaak liwet nu mayak na luhureun daun. , cucuk peda pasolengkrah , asin jambal nu ngan tilu guruntul di alung boyong ,di sered kaditu kadieu . Rek kumaha teu nikmat , komo deui ,resep liwet mang Juha mah geus kawentar ti beh ditu mula. Keur ngeunah-ngeunahna daang. Selengseng teh teuing timana datangna ,aya bau nu maduk kana liang irung . siga... nu di komandoan , reg kabehanana ngeureunkeun daangna ." Goblog ! , naha bet aya bau nu kieu ? " ceuk mang Juned bari kerung . " Naha da tadinamah ..teu kaambeu nanaon " ceuk Jang Entis, mairan. " Ke ..ke ..bauna mah asa teu Jauh ti dieu " ,ceuk Mang Momo, bari irungna ungas ingus . " Aneh ...aing mah , asa teu jauh sumberna ,tapi tetep teu kapanggih ! " ceuk mang juha bari nyuay-nyuaykeun daun .
" Apan ...ieu ..!! " ceuk Mang Bahro , bari menerkeun sarungna ,jurungkunung manehna nangtung , curukna nunjuk ka nu nyonglo persis dina tempat manehna dongko .